DOMBA GARUT bahasa SUNDA
Domba Garut
mangrupa salasahiji jenis domba nu asalna ti daérah Garut perenahna ti kacamatan Limbangan nu tuluy sumebar ka sakuliah Jawa Barat ogé ka sakuliah nusantara.[1][2] Tagogna kacida gagah tur pinuh ku wawanén tapi katingalina mah kalem.[1] Alatan éta ogé, domba Garut lolobana dijadikeun domba adu daripada domba angonan.[3] Domba Garut nu geus gede hargana bisa kana puluhan juta nepi ka ratusan juta lantaran nepi ka kiwari domba Garut masih kénéh jadi domba unggul dibandingkeun domba lianna .[3] Domba nu kasohor ku masarakat ku sebutan domba Garut ieu, katelah ogé ku sebutan domba Priangan.[4]Sajarah Domba Garut
Domba Garut nu dina basa laténna disebut ovis aries mangrupa campuran antara domba lokal jeung domba jenis capstaad ti Afrika Selatan sarta domba merino ti Australia.[2] Domba capstaad leuwih tiheula aya di Garut sedengkeun domba merino didatangkeun ka Garut dina abad ka-19.[3] Tina tilu jinis domba éta ngalahirkeun variétas anyar nu disebut domba Garut. [3]Daérah-daérah nu kasohor jadi sentra domba Garut nya éta Banyuresmi, Wanaraja, Singajaya, Banjarwangi, jeung Bungbulang.[3] Sanajan kitu dina kanyataanana, kiwari domba Garut ogé loba di daérah lain.[3] Nalika aya acara adu domba atawa pasanggiri domba hias, nu jadi jawara téh domba Garut nu dipiara di luar daérah.[5] Nepi ka taun 1999 waé, tina 329.975 populasi domba nu aya ngan 30% nu mangrupa domba Garut sedengkeun domba Garut unggul lolobana mah aya di daérah Bogor, Bandung, jeung Sukabumi.[5]
Ciri-ciri Domba Garut
- Awakna rada gedé. Domba jalu nu geus kolot ngabogaan beurat antara 60-80 kilo, sedengkeun domba bikang ngabogaan beurat 30-40 kilo.
- Tanduk domba jalu kawilang gedé, melengkung ka tukang nu tungtung tandukna malik ka hareup, siga spiral. Tanduk kenca jeung katuhu ampir ngahiji
- Domba bikang teu ngabogaan tanduk.
- Buntutna pondok sarta rada gedé.
- Beuheungna rada kuat.
- Wangun ceulina rada panjang, pondok jeung sumedeng nu aya dina pangkal tanduk.
- Buluna leuwih panjang jeung lemes dibandingkeun jeung domba asli, warnana bodas, hideung, coklat atawa upa-rupa.
- Domba Garut alus pikeun jadi produsen daging. [4]
Catur Bangga Domba Garut
- Ules beungeut: kasép, ngaménak, ngaules
- Panon: kupa
- Ceuli: rumpung, rumpung sapotong, ngadaun hiris jeung ngadaun nangka saeutik.
- Tanduk: ngabendo, golong tambang, setengah gayor, gayor, léang-léang sogong
- Kualitas tanduk: poslén, waja, beusi, gebog
- Warna bulu: sambung, riben sebak, belang sapi, macan, jog-jog, laken, baracak, monyét, kunyuk, lunglum, pérak, bodas apu, jogja jeung riben méncéngés.
- Buntut: ngabuntut beurit, ngabuntut bagong, ngadaun waru.
- Scrotum: laér, ngarandu, ngajantung
- Suku: mancuh, kuda, regang waru, meureup ucing.
Istilah Khusus Domba Garut
- Adeg-adeg: saimbangna wangun awak éta domba ti mimiti hulu nepi ka suku nu ditingali tina postur (awak, beuheung, jeung hulu), jingjingan (ukuran jeung wangun tanduk), ules (pasemonna).
- Baracak:kombinasi warna kulit domba antara dominasi warna hideung atawa dominasi warna bodas nu acak-acakan teu tangtu.
- Baralak:bulu domba nu wangunna siga bercak nu leuwih gedé. [2]
Seni Kaparigelan Domba Garut
Ieu pasanggiri mangrupa tempat kumpulna jalma-jalma nu miboga minat leuwih kana domba, ti mimiti nu boga domba, nu ngurusna, tokoh domba Garut sarta paguyuban organisasi profesi nu dihimpun dina HPDKI (Himpunan Peternak Domba Kambing Indonesia). [2]
Miara domba Garut minangka domba nu parigel (domba laga) geus lila dilakukeun ku masarakat Garut. [2] Biasana nu boga éta domba disebut juragan.[2] Nu miara domba Garut kudu miboga jiwa seni nu husus sarta bisa akrab jeung éta domba.[2] Loba tarékah nu dilakukeun ku para pamilik jeung nu ngurus domba sangkan bisa ngahasilkeun domba nu unggul, lantaran ieu patalina jeung harga jual domba éta sorangan.[2] Lantaran miara domba Garut asup kana bagéan miara seni, aya kabungah ti diri pamilik domba nalika domba manéhna nu tandang di lapang mintonkeun hiji kaparigelan saluyu jeung wirahma ketukan kendang. [2] Dina seni kaparigelan domba Garut ieu diajén ku sawatara jalma diantarana: [2]
- Dewan hakim
- Girang pangajén
- Wasit
- Kelompok kelas A kalawan beurat 60-80 kg
- Kelompok kelas B kalawan beurat 40-59 kg
- Kelompok kelas C kalawan beurat 25-39 kg
0 komentar:
Post a Comment